LAMAN

Jumat, 26 Desember 2008

Kabeungharan Kecap 2

KECAP SESEBUTAN WAKTU

A. Sesebutan Waktu dina Sapoe Sapeuting

Wanci janari gede : kira-kira tabuh 01.00 – 03.00
Wanci janari leuting : kira-kira tabuh 03.00 – 04.30
Wanci balebat : waktu pajar geus udat-udat kira-kira tabuh 04.30
Wanci carangcang tihang : wanci liowat pajar kira-kira tabuh 04.30 – 05.00
Wanci haneut moyan : kira-kira tabuh 07.00 – 08.30
Wanci rumangsang : kira-kira tabuh 09.00
Wanci pecat sawed : kira-kira tabuh 10.00
Wanci manceran/lohor : kira-kira tabuh 12.00
Wanci lingsir ngulon : kira-kira tabuh 13.00
Wanci panonpoe satangtung : kira-kira tabuh 15.00
Wanci tunggang gunung : kira-kira tabuh 16.00 – 17.00
Wanci sariak layung : kira-kira tabuh 17.00 – 18.00
Wanci sareupna : kira-kira tabuh 18.30
Wanci sareureuh budak : kira-kira tabuh 20.00
Wanci tengah peutung : kira-kira tabuh 24.00

B. Sesebutan Waktu Sejenna
Poe ieu : ayeuna
Poe nu geus kaliwat sapoe : kamari
Poe sanggeus kamari : mangkukna
Sapoe nu bakal datang : isukan
Sapoe sanggeus isukan : pageto
Sabada pageto : pageto amat
Waktu nu cikeneh karandapan : bieu
Waktu nu rada lila kaliwat : tadi
Waktu nu geus lila kaliwat : bareto
Waktu beh ditueun bareto : baheula
Waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan : engke
Waktu nu bakal datang : isuk jaganing pageto
Bahan dicutat tina “Peperenian” karangan: Drs. Ahmad Hadi, Geger Sunten: Bandung

Tidak ada komentar: